Wednesday, October 24, 2012

Philosofi

Muka carita tata cara baheula, mangsana pare di sawah rampak beukahPanyawah lolongok bari mawa rurujakan minangka ciri pangbagea ka DEWI SRI nu kakara medal, nu disimpen dina unggal juru kotakan. Silokana bebekelan Panyawah keur lolongok tengah poe bilih lieur tur hanaang, disarengan ku munajat ka nu Maha Kawasa (sangkan polahan sawah mulus rahayu)
Kagiatan mangsa pare beuneur hejoMasang kokoprak di tengah sawah ditalian ranteng ka saung ranggon. Masang bebegig tina baju urut diraragaan ku awi, dudukuyna tina haseupan urut anu geus butut. Kokoprak ditarik ku nu tunggu di saung ranggon, Bebegig Sawah katebak ku hiliwirna angin, ting koleang lir ngabegegan. Manuk Piit ricit tingjarerit, beurit-beurit jicir tingbalecir.(Sangkan pare mulus rahayu teu keuna ku hama)
Selang-selang tina ngukuprak manuk nu haliber ka jauhna, disarengan ku sora gelikna suling ngahariring sangkan pikir nyaring ngageuing eling kana nikmat pangasih Gusti.
Rasa bagja gelarna amparan DEWI SRI ngarumbay ruhruy koneng ruhay umyang disawang ti kaanggangan.( mangsana dipanen )
Mangsa rek ngamimitian panen, panyawah neundeun ciri di sawah nu rek dipibuatan nu disebut : SAWEN di wangun ku rupa rupa kadaharan nu disebut RARAKAAN.
Panyawah meunang dandan papakean sarwa hideung diiket ngadunga di panyawenan anu jadi harepan hasil nu mucekil disarengan barokah.
Panyawah sok ngajak nu rek mantuan ngala pare nelahna nu rek GACONG kirata tina sasangga sapocong, ari sasangga teh 5 pocong hartina nu gacong teh sok diburuhan sapocong.
Dina waktu nu gacong daratang ka sawah sok parebut kadaharan tina SAWEN(Jampana)
Parebut dahareun silokana hama parasea.
Hasil pare dipanen diakut ka saimah imahna pikeun dipoe. Mun pare ranggeuyan hasil meungkeutan sageugeus-sageugeus ditanggungan, mun pare murag mah sok diirik diwadahan kana tolombong atawa karung.
Pare munang moe dimana geus garing sok diampihan kana leuit, pare karungan jeung pare geugeusan sok ditumpuk di jero leuit.
Panyawah gerah........nu buburuh teu rumahuh......buburuh nutu diupah beas. Jajaka wanoja saruka bungah galumbira, bujang jeung lanjang di saung lisung tarutunggulan ngagondang bari garogonjakan sempal guyon.
Silih simbeuh ku kadeudeuh, karakawihan bari nepungkeun jodo.
Teretet tarompet..............ting sereset matak nyeredet lir nu kadempet. Tepak kendang...............ngondang kapanasaran nu tandang makalangan. Ibing silat................rikat ku jurus- jurus Cikalong Cimande. Tepak Tilu .............. Tepak Dua .......... Paleredan .............. Padungdung.............. matak kayungyun...... Goong ngungkung.......................tembus kana jajantung nu keur liwung, geusan nyinglarkeun kabingung nu teu daek suwung.